Minggu, 16 Agustus 2015

Pantun Sunda Lucu (sisindiran)

Meuli jagong keur japati
jagongna teh di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun

Lamun maneh boga keris
sok paehan lauk hiu
lamun maneh bisa basa inggris
sok naon hartina i love you

si abah bade ka cai
mawa odol mawa anduk
ulah tanggah na tangkal kai
bisi kapodolan manuk

gedang gepeng gedang gepeng…
buntut kuda hese ngukurna
kunaon mang …….. nonggeng
singhoreng hitut ka bawa bukurna

Kaso ponok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
kumis pondok jangot panjang
siga embe nu di jualan

Anak kuda di tanjung karang
ka ci kalong ka ci buntu
pemuda jaman sekarang
buuk gondrong banyak kutu

Di arab mah seeur onta
Onta na teh mawa keusik
cenah mah pejuang cinta
Mun ditolak langsung ceurik

Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana

Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
ari balik sok leungiteun

Pucuk tiwu akar bangban
amis mata disusukan
Mun rek milu geuwat dangdan
cimata geura susutan

Caang bulan opat belas
teu kaduga ku poekna
Aya bujang baju bodas
teu kaduga ku koretna

Cai mulang cai malik
cai ngocor ka astana
Panon burial buncelik
da kadempet etanana

Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
Bau naon bau naon
bau nu hitut di juru

Ki Hiang nu meunang nuar
disugu pikeun jualeun
Kahayang meunang nu beunghar
puguh mah jalma kuuleun

Manuk gaak macok kupat
kecok deui kecok deui
Diwedak reujeung disipat
dekok deui dekok deui

Pa Suma gawena dahar
mun bedug bakal ditewak
Percuma dibere beunghar
mun budug saawak-awak

Pipiti dibunga wari
tetenong dibobokoan
Lalaki jaman kiwari
hade omong pangoloan

Sada ketuk sada kenong
sada suling eujeung goong
Huntuna nyenghol katembong
lamun ngomong bau jigong

Manuk ciung na pisitan
buah nangka aratah keneh
dicium kunu kumisan
sabulan karasa keneh

jeruk purut Cikaruncang
jambu aer Wanayasa
camerut hayang ka bujang
susu laer teu karasa

ulah hayang mawa panci
mawa panci rejeung cai
ulah hayang ka lalaki
ka lalaki nu tara mandi

cau naon cau naon
cau atah di korangan
nya kunaon nya kunaon
mang..... ngan olangan

Abong-abong sangu koneng,
ngan dipake keur sasarap.
Abong-abong kanu goreng,
ngan dipake eukeur serep

Deudeuh teuing jeruk purut,
keur koneng teh loba hileud.
Deudeuh teuing nu camberut,
keur goreng teh mindeng baeud

Ari lampit-lampit hoe,
meja mah da meja makan.
Ari nampik-nampik bae,
ulah bari jeung moyokan.

angsana tangkal angsana,
angsana sisi astana,
kamana atuh kamana,
kamana atuh cintana

papanting dina angsana,
aya engang na caringin,
mun peuting teu dicalana,
sok kaserang asup angin

samangka siki samangka,,
kacapiring kai kopi,,
teusangka geuning teusangka,,
taya kuring mani sepi.

tangkal kangkung daun manggu,
di korangan jeung sarikaya,
kirang langkung tos saminggu,
teu nepangan ka baraya..

bieu saha anu ka lebak,
bajuna mani kuleuheu,
ieu saha nu acan ibak,
bauna dugi ka dieu

samangka siki samangka,
cangkaléng mawa ti Serpong,
teu sangka geuning teu sangka,
si neng waosna ompong.

daun manggu jukut kalimusa,
mawa titiran ti Cipacing,
malem Minggu geus biasa,
dibaturan ku anak ucing.

meuyeum manggu dina karung,
tangkalna loba di tonggoh,
malem Minggu disasarung,
tandana teu boga kabogoh.

galatik dina babancik,,
papaisan beuleum koprah,,
hujan leutik ngaririncik,,
mapaesan melem Juma'ah..

piring hejo wadah kuya,,
boros huni jeung katapang,,
kuring sono ka baraya,,
nu tos lami teu patepang.

hangasa johar jeung hui,
nyikat geutah urut si Anya,
teu karasa geus lohor deui,
bakat betah hirup di dunya.

mulung baju anu kumel,
hanjuang seureuh diala,
kanu nuju barangdamel,
hayu urang reureuh heula

kamuning tangkal angsana,
daun dedi ubar beuteung,
kieu geuning karasana,
jadi jalma anu ganteng...

hayang teuing nginum dawet,
dawet buket nu mang Dana
hayang teuing sangu liwet,
liwet haneut reujeung peda.

nyepeng piring naha tibalik,
saga nu doyong kahujanan,
meungpeung kuring boga milik,
saha nu hoyong dijajanan.

ngala titiran reujeung bueuk,,
ngala hurang na leuwi bala,,
ngarah pikiran henteu bunek,,
hayu urang ngopi heula..

kongkorong manggih ti buruan,,
hariwang bisi nu si Manda,,
nongkrong bari gigitaran,,
ngahaleuang kawih sunda..

katun karton cibaduyut.
jok karet mahal batina.
lamun nonton acara dangdut.
sok resep ningal artisna

ocon ulin di buruan
aya odeng nyeureud hulu
Naon Eta Anu Buluan
Singhoreng Hileud Bulu

Kacikadu Pamipiran
Kacipadang ka kersamanah
Hayu Urang Sisisndiran
Pangbeberah kana manah

Naha cau teu buahan
sihoreng comro teh lada
Saha itu nu janggotan
sihoreng Mang .....

majar maneh mawa pacul
hanjakal kalah ka ngejo
majar maneh anak gaul
hanjakal waosna hejo

Mani caang bulan purnama
Gedena sagede ban kapal
Kahayang jadi sarjana
Raraban teu apal apal

cau kepok keur rumegang
dieunteupan bondol hejo
keur dekok katambah egang
ditambahan olol leho

Tidak ada komentar:

Posting Komentar