pingping cakcak pingping toke
papang hulu momotoran
geura pecak peuting engke
bisi kaburu kotoran
mang amin dahar tamusu
mang iit nginum na cangkir
mun kawin make nafsu
datang hansip mawa geugendir
caringin sisi astana
melak tomat sisi sawah
mun kawin make agama
datang rohmat jeung magfiroh
sok hayang ka kadipaten
meuli bandeng salawean
sok hayang jadi panganten
ngarah mineng ganti pakean
salawe dua lima
sate kodok dicolok-colok
awewe jaman ayeuna
make anderok papondok-pondok
Kaca piring dina kasur,,
Mawa manggu ngepel di tonggoh..
Hayang teuing jiga batur,,
Malem minggu apel ka kabogoh..
itu saha nu kalebak,
bajuna mani kuleuheu,
itu saha nu acan ibak,
bauna dugi kadieu
buaya na jero bak,,
hulu hurang diala'an,,
baraya geura aribak,,
hayu urang jalan-jalan
kamuning murag kalebak,
kalebak kana susukan,
hayang teuing murak martabak,
martabak nu disu'ukan.
Bangbara na daun hiris
Kulit munding di koranan
Sangsara uing tariris
Gulang guling ngan sorangan
Mencit meri dina rakitt .
boboko wadah bakatul ....
sanes nyri ku panyakit ...
kabogoh sien d tikah batur
Kini kini kuang kaing,
di talian ku bagedor...
Nini nini kawin jng aing
di cabak susuna kendor...
Mang kohar topina ungu,
Kasawah meuleum jarami,
Rek dahar euweuh sangu,
Kapaksa ninyuh sarimi..
Ngagoreng tempe ngangge lisah,
Ngaemamna bari maen catur,
Ieu hate teupuguh gelisah,
Sienengna sieun ku batur..
Kayu manis batrawali,
Kembang eros kembang kangkung,
Anu manis saha nyai,
Hayang naros tos ngalangkung.
Aya listrik di masigit
Caangna ka maleboh
Aya istri jangkung alit
Jadina weh bogoh
Salawe dua lima
Saleting rok ti malangbong
Awewe jaman ayeuna
Pingping borok ge ditembong-tembong
kica kica dina meja,
katembong kaca purina,
abi bogoh ka manehna,
katembong imut seurina.
ari lilin lilin bandung
geus hurung sok poek deui
ari ulin ulin bandung
geus embung sok hayang deui
di guha meuni barala
bumi kosong taya nu gaduhna
mika cinta ti baheula
mugi leres aya jodo na
hayang iuh make payung
kumaha mukakeun nana
hayang wawuh jeung nu pundung
kumaha nyukakeun nana
Meuli hayam jeung waliwis
Kalkulator dina luhur meja
Lamun hayang kanu geulis
Kudu boga motor ninja
Kamana jalan ka asia
Tuh kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surga
Tuh kaditu ka pangaosan
Aya lilin warna koneng
Di jieun di singaparna
Hayang ulin ka si eneng
Tapi sieun ku bapakna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar